Ahlan Wasahlan wa Marhaban Biziyaaratikum.. Selamat Membaca dan Menikmati Sajian dari kami.. :)..
Penasihat : Pimpinan Pondok Pesantren Darussalam | Pemimpin Umum : Joko Waluyo, S.Pd.I | Pemimpin Redaksi :Devi Muharrom Sholahuddin, Lc. | Wakil Pemimpin Redaksi : Muhammad Sendi Sayyina, S.Pd.I | Dewan Redaksi : Ali Nurdin, M.S.I, Asep Deni Fitriansyah, M.Phil., Asep Ali Rosyadi, S.Ag., Asep Roni Hermansyah, S.Pd.I, Ajat Syarif Hidayatullah, S.Pd.I Al-Hafidz | Distributor : Munir Hermansyah, S.Pd.I, Egi Mulyana, S.Pd.I, Acep Mutawakkil | Dapur Redaksi : Gedung Perpustakaan Pondok Pesantren Darussalam Sindang Sari Kersamanah Garut Indonesia 087758202070 | Risalah Ilmiah FIGUR Darussalam diterbitkan oleh Forum Ilmiah Guru (FIGUR) Pondok Pesantren Darussalam, terbit seminggu sekali, Redaksi menerima tulisan dari berbagai kalangan dan berhak untuk mengeditnya tanpa merubah maksud dan isi tulisan | Kritik dan saran silahkan hubungi redaksi via surat, telepon atau email (figur-darussalam@yahoo.com)

Sabtu, 06 November 2010

BABAGIAN HIRUP TÉH LIR GILINDING SAKAPEUNG DIHANDAP NYUNGSEP SAKAPEUNG DI LUHUR NANJUNG (JATUH BANGUN)

Edisi Spesial Lebaran, 01 Syawal 1431 H/10 September 2010 M


Khutbah Iedul Fitri, Jum’at 1 Syawwal 1431 H/10 September 2010


Oleh : KH. Ahmad Ghozali Mu’thie, S.Ag.


السلام عليكم ورحمة الله وبركاته

الحمد لله الذي أنار قلوب عباده المتقين بنور كتابه المبين. الله أكبر 9x الذي جعل القرآن شفاء لما في الصدور وهدى ورحمة للمؤمنين, والصلاة والسلام على خاتم الأنبياء وأشرف المرسلين سيدنا محمد النبي العربي الأمين الذي فتح الله به أعيناً عمياً وآذاناً صمّاً وقلوباً غفلاً وأخرج الناس من الظلمات إلى النور. صلاةً وسلاماً دائمين إلى يوم البعث والنشور وعلى آله الطيبين الأطهر وأصحابه الهادين الأبرار ومن تبعهم بإحسان إلى يوم الدين, وبعد............

فيا أيّها الناس أوصيكم وإياي نفسي بتقوى الله وطاعته لعلكم تفلحوم

Baku, mangsaning Ramadhan manjing ninggangna tungtung, kayaning tadi peuting, meujeuhna peteng, sasarina wanci kitu téh majah sepi jempling, nu kadangu, karungu tibang sora-sora sabangsaning ciang-ciang, cakcak, beurit ngaguluprak, caricangkas katut gaang anu réang ngawawaas, bet sinangling gararandéng, harénghéng ku sora-sora tara-tara ti sasari, mancawura, kamana mendi patémbal-témbal, pacéntal-céntal, paheuras-heuras, pakeras-keras, ngageder sora takbir, tahmid tur tasbih anu nitir, ngagedur ngandung wirahma, matak niir lebeting haté anu ketir, pacampur jeung rasa rumasa anu rosa, teu daya, teu upaya, teu walakaya, anging kersaning Mantena, lila-lila ngalangkang kalangkang kahirupan katukang-tukang anu borélang belang, lir rékaman lawas tapi can laas, sabab cékas tur jelas, matak lewang tur honcéwang, lir nangtung dina biwir jungkrang tepis wiring anu nangtawing, mangsa katukang-tukang anu kasorang asa kosong molongpong badis lodong bolong, bongan malawidang, mindeng wangkelang, bedang tur bedegong semu nangtang kana timbalan pangéran yang Agung, tétéla tuna ibadah, tuna amal soleh, sabalikna leubeut ku amal salah, paripolah jabrah, awuntah, nastaghfirullâh wana’ûdzubillâh.

الله أكبر 3 x لاإله إلا الله والله أكبر الله أكبر ولله الحمد

Lebaran Iedul Fitri kiwari, haté bungah guligah, malah tuma’ninah, tapi kaciri anu balawiri, saralin rupi, seueur anu awakna bararegang, bararegéng, cangkéng dararengkéng, beuteung kararempléng beungeut gararépéng, badis rorongkong jebéng merenyéng, omat ulah asa digogoréng da kalebet kuring, ma’lum balas :

- Diseuseuh ku saum sa sasih campleng tur keyeng

- Di sabunan ku tarawéh unggal peuting, méh ngaléhléh, cacak ma’mum, komo imam mah hah-héh-hoh, henteu baé jebléh

- Digebot ku kuat punah mayar zakat fitrah

- Dikucuran ku cai sumerah, pasrah lillah, kabéh malidkeun kokotor kayaning sifat takabur matak ngalucur ti sakujur awak, dampal, tuur, bujur tepi ka sirah anu di tengah jeung nu di luhur.

الله أكبر 3 x لاإله إلا الله والله أكبر الله أكبر ولله الحمد

Yakin, Ramadhan teh bulan latihan ngadalian nafsu sarakah, awuntah, sangkan hirup ka hareup teu ngarep-ngarep teuing kabeungharan anu can puguh, lir ngudag-ngudag kalangkang heulang anu pamohalan beunang, rumaos :

- Isuk-isuk sok miharep sugan beurang kakayaan datang

- Beurang sok miharep sugan sore kabeungharan kabandang

- Sore sok miharep sugan peuting kadunyaan kasorang

Kitu jeung kitu baé, béak isuk, béak beurang, béak soré, béak peuting, anu diarep-arep angger ngalelep.

Mémang, babagian hirup teh lir gilinding, sakapeung dihandap nyungsep, sakapeung di luhur nanjung (jatuh bangun)

وتلك الأيام نداولها بين الناس

Hartosna :”Jeung poé-poé kitu téh ku kami dipili gentikeun diantara manusa”

Tapi pan urang kudu tumarima kana babagian séwang-séwangan.

Kangjeng Nabi tos ngawanti-wanti, lobakeun éling kana papasten pati anu tos pasti.

Palawargi kabeungharan mah can tangtu najan pikeun urang citangtu, tapi pati tos pasti kalebet keur urang Cijapati.

أكثروا ذكر هاذم اللذات يعني الموت

“lobakeun éling kana perkara anu megatkeun kanikmatan, nyaéta maot”

Bubaran Ramadhan, mendingan ngélingan diri sorangan disarengan hadirin anu karagungan émutan badé sasarengan ku cara nafakuran kajadian sabudereun ngeunaan anu kamusibatan, katibanan papastén pangéran, ka kulawargina hapunten sanés bade meurihan émutan, ngagerihan peraosan, henteu pisan-pisan, geura mangga tariténan kajadian-kajadian anu tos karandapan :

1. Bujang ting ting anu ngarana lir anu sok ngoleang di awang-awang, mun ipis matak genah tiis tur iuh, mun kandel sok turun jadi hujan tegesna mang “Awan” al-marhum, sakaterang sok sangeuk tarakal-térékél, tuak-taék, basana embung, hariwang tur lewang, tariking papastén pangéran, harita jejem kalem di wangunan aitam bari pok : “urang dék naék, ulah aya nu nyarék”. Terékel naék, koléang langsung rag-rag enyaan, gebut awakna titeundeut pisan, dugikeun ka hanteuna.

إنّا لله وإنّا إليه راجعون

Isukna, harewos bohong pating solonong, heu-euh atuda tempatna aya nu ngageugeuh, perlu dilelempeng, enya Allah, atuh ku Izrail, malakal maot nyawana dicokot.

2. Heuleut sawatara mangsa, pajar mang “Asep Fajar” dirawat di rumah sakit Garut ku kasawat gula anu beurat, tariking musibat :

- Ceuk béja : kantos jajan és coklat séép opat siki ngalantarankeun gula darahna ngajelepung tinggi.

- Ceuk béja : di rumah sakit murak rujak nepi ka béak

- Ceuk béja : mindeng mireungeuh papanggih jeung kolot-kolot anu tos maraot.

Sempet oge ngutus para pangurus anu nyaralsé sangkan ngajarenguk, ngabaresuk, nanging nyakitu tos naktu kana waktu, ninggang kana mangsa, mang Asep Fajar yuswana dugi kadinya, ku Izrail malakal maot yuswana dipundut.

إنّا لله وإنّا إليه راجعون

3. Sawatara bulan kaselang, musibat pati datang deui, mang Dili al-marhum, padamel matuh tigin kerja cara sasari, méméh tabuh tujuh disiplin kerja tos aya di lokasi, sami di bangunan santri, koléang gebut ragrag tibeubeut, atuh nu lian hut-het, pada muru pada mangku, dianteur di candak ka dokter, hanjakal kaburu kasambut dipundut ku Izrail malakal maot.

إنّا لله وإنّا إليه راجعون

Ngung-ngéng, matak harénghéng heu-euh aya nu ngageugeuh, risi bisi geunjleung matak keu-eung, kuring inget kana dongéng, di hiji imah tengah peuting :

Budak :


”Bah ! tah sora kongkorongok, hayam jago urang anu borontok”

Abah :


“Si ! pan si borontok mah geus di lékék ku abah di paké munggah”

Budak :


“Bah ! Boa-boa ngajungjurigan”

Abah :


“Si ! geura saré anggur, ulah lalajo film jurig, heug waé karareu-eung maruriding, muringkak bulu punduk”


(ras ingeteun kanu anyar maot ngagantung manéh dina tangkal jéngkol, létahna ngelél, panonna nolol, geuwat ngabulen awak ku simbut butut bau hitut).

4. Dasar takdir hamo di pungkir, der deui, iber sumebar, pajar tatangga sabeulah, ibu Aah al-marhumah di jemput ku Izrail malakal maot, akibat panyawat patuangan beurat.

إنّا لله وإنّا إليه راجعون

5. Langsung sumebar beja, ilahar lamun isuk-isukna para bapak sararibuk, pating baliur kakalér ngarali kubur, kacatur bapak Komar anu peuting ngadon ngéndong di calingcing, teu mikir panjang, teu emutan tuang, sadatang-datang langsung katatang-kotéténg néang balincong, gap koloyong, ngagabung jeung batur ngali kubur segut, hut-het metakeun parabot, ceuk ki sobat : “Éta balincong rosa, abong kunu bogana”, cat hanjat aus palayeun cai tiis, ujug-ujug kulapés, lir anu héés, digandong karasa biasa, barang nepi kana tanjakan karasa ngabeuratan, boa-boa ? Enya barang tiba ka bumina, tétéla tos teu aya, dipundut ku Izrail malakal maot, ngantunkeun téh semu babari keur dirina, sabalikna asa di heulang keur kulawargana pon balaréa.

إنّا لله وإنّا إليه راجعون

6. Karék gé clék tamat, bubar TMI, clak nyandang gelar alumni, sataun ised sababaraha waktu, tos hos dipundut kunu rahayu, los dicandak kunu kawasa, sasat di tongtak dipulut ku Izrail malakal maot, deudeuh teuing “Atin Yuningsih”, budak can tuah can dosa, insya Allah, namung dalah dikumahakeun jalaran sadayana parantos kersana anu kawasa, urang teu rumos ngagaduh-gaduh badan aranjeuna sakujur, ambekanana sadami, getihna satétés, teu wantun ngabongan-bongan, teu wasa nganaha-naha, tos kitu keureut teukteukna, kulak canggeumna, kantun tumamprak ngangkat dua panangan “Hum” kanggo sadayana anu ditataan mugi ditampi amal solehna, dihapunten amal salahna, amin.

تنوَّعت الأسباب والموت واحد

Tétéla maot teh carana béda-béda, namung hakékatna mah sami, paragatna nyawa dipundut kunu kawasa.

الله أكبر 3 x لاإله إلا الله والله أكبر الله أكبر ولله الحمد

Singketna,

Nu maot,


Sanés pédah ditonjok ku jurig bongkok

Sanés duméh diloklok ku jurig toklok

Sanés pédah dibekok ku jurig korodok


Pan tudang-tuding téh teu kénging

Tapi dalil kuat, nuduhkeun ku Izrail malakal maot matak teu aya orok ti barang brol nu diaranan Izrail, sarieuneun, hirupna bakal mencil moal aya nu ngajak gaul.

+ Kumaha lamun orok diaranan dua basa, basa Bali jeung basa India

- Saha téa ?

+ Enya : Gedé Rahul

- Atuh budak gejul

+ Kumaha lamun orok diaranan “Hili”

- Entong engkéna matak lieur, sabab jadi pa Hili

الله أكبر 3 x لاإله إلا الله والله أكبر الله أكبر ولله الحمد

Babagian hirup téh lir gilinding, sakapeung dihandap nyungsep sakapeung diluhur nanjung (jatuh bangun).

Cikénéh, dina sasih rewah, aya dua wanoja anu ngaranna ngajaul kasohor, ujug-ujug muncul populer, sumebar méh diunggal stasion TV, gara-gara gutak-gitek, kunyam-kunyem, seuri manyun, lips sing nurutan syair lagu kéong racun, Jojo jeung Shinta, tangtos narima ongkos, matak ngadatangkeun seueur artos, diantawis lirik laguna :

Mulut komat-kemot, matanya melotot

Lihat body denok, pikiranmu jorok

Mentang-mentang kucay, aku dianggap jablay

Dasar koboy kucay hoby cek in dan santai

Sory sory sory Jack

Mémang lagu-lagu dina rupi-rupi variasi kiwari sumebar, méh karungu saban waktu, lapat-lapat kakuping di saban tempat, kabandungan disatiap kasempetan, sasat sulit dipisahkeun tina kahirupan jalmi sahari-hari boh tina radio, HP atawa TV.

Lajeng, kumaha hukumna ngadangukeun musik jeung lagu ?

Pamadegan para ulama béda-béda :

1. Numutkeun Syekh Maududi Al-Hanafi : Ngadangukeun lagu jeung musik nu matak ngalantarankeun cul ninggalkeun kawajiban-kawajiban hirup haram hukumna sabangsaning haleuang, suling, tarompét jeung kendang, dumasar hadist :

استماع صوت الملاهي معصية والجلوس عليها فسق والتلذذ فيها من الكفر

Hartosna : “Ngadangukeun sora-sora anu matak ngalalikeun kana kawajiban hirup téh doraka, ngahadirannana fasik tur ngararasakeun genahna sabagian tina kakufuran”.

2. Numutkeun Syekh Syaltut dina kitab Al-Fatâwâ, para fuqoha sapagodos teu sawios-wios, ngabandungan musik jeung lalaguan anu ngagedurkeun sumanget bajoang geusan perang, matak kataji munggah haji, raramean dina kariaan.

3. Syekh Abdul Gina An-Nabulisi, nandeskeun yén hadis-hadis anu ngaharamkeun, lamun lagu atawa musik matak mopohokeun kawajiban poko, atawa pagalo jeung paharaman saperti khamer jeung judi, sabalikna lamun teu pagalo, henteu haram.

الحكم يدور مع العلة وجوداً وعدماً (قاعدة فقهية)

Hartosna : “Hukum téh muter, gumantung alesan, aya alesan aya hukum, teu aya alesan teu aya hukum”.

4. Syekh Hasan, dosen Al-Azhar Mesir resepeun ngaregepkeun lagu jeung musik anu dihaleuangkeun bari uningaeun kana hukumna, bari pokna : “singsaha anu haténa teu sumérédét waktu ngadangu syair-syair lagu dihaleuangkeun ku nu sorana halimpu, dipirig ku gelikna sora suling ngajak nyaring, ngajak éling bari ngumbar lamunan disisi walungan anu caina ngagenclang hérang, pating suruwuk pating kecebuk dibarung angin ngahiliwir lalaunan, nyecep tiis ngusapan embun-embunan, kaiuhan ku kalangkang dangdaunan mutuh matak kelar, janglar, rus-ras matak waas, tapi manéhna lebeng pisan, teu kapangaruhan tétéla haténa téh teuas, keras alahbatan cadas, sangar pengar alahbatan haté himar.

Jang Karna jeung Cép Lokna, ngararobrol sakeunana.

Jang Karna :


Bapa uingmah lamun ngabandungan tembang Cianjuran teh mani sok peureum beunta

Cép Lokna :


Pélér, bakating ku ketir meureun

Jang Karna :


Teuing, nupuguh mah, peureumna opat jam, beuntana sakiceup

Cép Lokna :


Dasar, lain pélér atuh, sare tibra.


Babagian hirup téh lir gilinding sakapeung dihandap nyungsep sakapeung di luhur nanjung (jatuh bangun).

Ayeuna barandungan hikayat anu kacutat ngeunaan babagian hirup anu patukeuran. Ceunah tina kitab “'Ajȃibul Qashashah Min Bilâdil-Arobiyah”.

Ceuk ujaring kajadian, aya salaki pamajikan anu keur aruplek paduduaan, marayunan katuangan petingan, sasat keur balap pagedé-gedé huap, taruang ni'mat pisan, hayam goréng dina baskom hanjakal henteu kebat kaburu kaganggu aya anu assalâmu’alaikum, istrina rikat némbalan bari mukakeun lawang, bréh nu barang maen haruhah-haréhoh, katémbong caludih semu nu sedih pok na mamrih : “Gan ! hapunten, abdi kumawantun, istuning maksakeun, seja nyuhunkeun tuangeun barang sahuapeun, leueuteun barang sa regoteun" ka jeueung awakna ngeleper ku tariking lapar, “Euweuh ! tembal salakina ngageleger lir sora gelap anu ngabéntar “Euweuh daharaeun, euweuh inumeun, usir anggur sina nyingkir, gebah titah nyingkah bet ngaganggu kanu keur ngeunah-ngeunah, siah !.

Gontoyoh, ngalénghoy mani ramohpoy, atuda tadi beuteungna peurih balas lapar katambah ayeuna hatena peurih tur sedih balas dicarékan laklak dasar. Sabenerna istrina tos neja mere mawéh, najan paribasa cai sa keclak, sangu saréméh, hanjakal kateuhak kaburu asa kasentak, antukna ukur olohok teu wasa pok.

Sawatara taun sabada eta kajadian, kacaritakeun kakayaan salakina nyirorot, ray bulan-ray bulan kalah ngorotan antukna korédas pisan, hirupna sing sarwa walurat, malarat, rumah tanggana birat paburisat alias pegat.

Kacatur nyirandana nikah deui ka duda bageur nu geus boga umur, mang taun-taun ahirna hirupna subur makmur kasebut beunghar.

Sakali waktu eukeur balakecrakan salaki pamajikan paduduaan, nyanghareupan katuangan ni'mat pisan, dak dumadak kana panto aya anu keketrok, barang bray dibuka, kasamprak aki-aki barang maén dikopéah toklok bajuna butut kalahkah olohok, ngahintul ngajejentul, pok salakina cumarita : “pasihkeun dahareun, inumeun sina waregeun !" atuh bro di béré nepi ka rébo.

Barang léos ngaléos, istrina kakara sidikkeun tur ingeteun mani hookeun, atuh segruk ceurik ngabangingik, salakina reuwaseun, pok nanyakeun : “aya naon nepi ka ceurik sisimekeun ?" témbalna : “kang ! béhna mah anu bieu téh urut popotongan abdi, beu geuning manéhna ayeuna sangsara kabina-bina" témbal salakina : “teu perlu anéh ku takdir Allah, baréto manehna wani sentak senghor kabatur téh pédah keur beunghar, akang balaka, saéstuna anu barang maen baheula anu disentakkan salaki nyai téh, nya akang pisan nu jadi salaki nyai ayeuna”.


Ceuk batur :


Ceunah babagian hirup téh lir gilinding sakapeung dihandap nyungsep, sakapeung diluhur nanjung “geuning kuring tibaheula angger malarat teu weléh di handap nyungsep

Témbal :


“Meureun baé anjeunmah lir gilinding cicing, sok dorong atuh, sina ngagorolong. Keun kuring anu nutur-nutur, ngan tetep hayang di luhur.


Ceu Lina jeung Nyi Ruan keur ngarobrol uplek pisan :

Ceu Lina :


Ceuk karuhun uing, pajar kakayaanana moal béak najan nepi ka tujuh turunan

Nyi Ruan :


Naha geuning, manéhna malarat ?

Ceu Lina :


Nyaéta, pan uing mah katurunan anu ka dalapan


الله أكبر 3 x لاإله إلا الله والله أكبر الله أكبر ولله الحمد

Sim kuring biantara sanés tambuh teu pupuguh, najan teu butuh buruh atawa susuguh, nu dipamrih mugia para wargi mampuh milih-milih pangaweruh anu dipikabutuh tina eusining ieu khutbah, sangkan jadi pangwarah geusan pibekeleun ibadah keur nguatkeun syari’ah, mageuhkeun aqidah satékah polah dina lumampah tur ngaléngkah.

Kiwari cunduk waktu, ninggang mangsa lebaran anu ku urang diantosan :weuteuh papakéan, loba kadaharan, punah sasametan, tenang pipikiran, tegep panampilan, lubar kasalahan, angger pamajikan tur panceg kayakinan.

- Lebaran, lebaran, zakat fitrah kapunahan

- Lebaran, lebaran sarung logor dibeubeuran.

- Lebaran, lebaran kopeah toklok di ganjelan

- Lebaran, lebaran rantang teu bogaeun pagawéan

- Lebaran, lebaran amal soleh tarurutan

- Lebaran, lebaran lampah salah areureunan

- Lebaran, lebaran sholat juma’ah kawajiban

Pamustungan urang nyindekkeun sasarengan, yén ku latihan sa Ramadhan, hayu urang :

- Undakkeun silih ingetan, silih élingan

- Raketkeun duduluran

- Paheutkeun silih pikahéman,

- Gemblengkeun persatuan

- Buleudkeun kayakinan.

Dina raraga milarian karidloan pangéran, mugia tinekanan, amiin !

Daripada baloboran getih, ngalémbéréh, ngabayabah, mending ge baloboran shaum loba kuéh di tengah imah, balubaran shalat haté bungah, nampi barokah, nampi maghfiroh, amin ya Allah !



أعوذ بالله من الشيطان الرجيم :

إياك نعبد وإياك نستعين

Hartosna : “Mung ka Gusti ibadah abdi sadaya, kalayan mung ka Gusti nyuhunken pitulung abdi sadaya”.

بارك الله لي ولكم بالقرآن الكريم بما فيه من الآيات والذكر الحكيم وتقبل الله منّا ومنكم تلاوته إنه هو السميع العليم

أقول قول هذا وأستغفر الله لي ولكم ولسائر المسلمين والمسلمات والمؤمنين والمؤمنات فاستغفروه إنّه هو الغفور الرحيم

0 komentar:

Posting Komentar